“Kumaha
carana sangakan cita-cita bisa kalaksana”
assalamualaikum? bapa hapunteun abdi sareng
rerencangan ngawagel waktosna abi sereng rerencangan dipasihan pancen bahasa
sunda ngawawancara ka bapak KAPOLSEK anu tema “kumaha carana sangkan cita-cita bisa kalaksana”.mugi bapa
neda widi ka abi sareng ka rerencangan.
Pewawancara : bapak nami lengkepna saha ?
Narasumber : Anas nasruddin
Pewawancara : tempat tanggal lahir ?
Narasumber :
garut, 7 november 1966
Pewawancara : Bapak linggih timana ?
Narasumber :
Di tarogong
Pewawancara : Bapa sakola dugi ka mana ?
Narasumber :
Dugi ka SMA
Pewawancara :Upami SD na dimana ?
Narasumber : Di cikeled
Pewawancara :Upami SD rangking ka sabaraha ?
Narasumber :
Upami teu salah mah rangking 2,da hilap deui atuh da tos lami
Pewawancara : Upami SMP na dimana?
Narasumber :
Di cikeled
Pewawancara : Upami rangkingna ka sabaraha ?
Narasumber :
Upami teu salah mah rangking ka 3 .
Pewawancara
: Bapak di SMP ngiringan Eskul naon wae aya pakaitna sareng propesi ayena ?
Narasumber : Ngiringan eskul olahraga,muhun atuh aya
kan janten polisi teh di tinggal dinama pisik na ongkoh upami pisikna awon mah
moal ka tampi.
Pewawancara : Upami SMA di mana ?
Narasumber : Di garut
Pewawancara : Upami SMA nyandak jurusan naon ?
Narasumber : Jurusan IPS
Pewawancara : Naha bapak nyandak jurusan eta ?
Narasumber :
Kumargi anu dipikaresep na IPS
Pewawancara
: Upami SMP atanapi SMA kantos ngiringan lomba kejuaraan ?
Narasumber
: Teu acan kantos kumargi da baheula
mah teu siga ayena
Pewawancara : Upami bapak kantos janten osis ?
Narasumber :
Kantos janten wakil ketua Osis waktos SMA
Pewawancara : Motivasi
bapak ngiringan organisasi Osis ?
Narasumber
: Hoyong janteun pemimpin anu leures
Pewawancara
: Naon pangalaman anu moal tiasa
dihilapkeun basa nuju SMP atanapi SMA ?
Narasumber : waktos SMA bapak teh kan hoyong ngaraosan
acuk dikalebetkeun ari basa eta teh nuju aya guru BP janteun bapak teh di cabok
ku guru eta teh.
Pewawancara : Cita-cita bapak naon ?
Narasumber
: Upami basa tipayun mah teu hoyong
janteun nanaon kumargi jaman baheula mah anu pokok na mah diajar sing bener.
Pewawancara : Upami bapak janteun polisi nuju
sabraha tahun ?
Narasumber :
Nuju 19 tahun
Pewawancara : Bapak enak na janteun polisi
kumaha?
Narasumber
: Nya alhamdulilah tiasa ngagaduhan
padambelan anu netep.
Pewawancara : Upami teu enakna janteu polisi naon?
Narasumber :
Kedah bersebrangan sareng keinginan masyarakat
Pewawancara : Naon
motivasi bapak janteun polisi ?
Narasumber : Gaduh penghsilan sareng padambelan anu netep
Pewawancara
: Sateu acan ditugaskeun, asalna bapak ditugaskeun dimana ?
Narasumber
: Ngawitan ditugaskeun di PORES ci
anjur,teras di alih keun ka PORES Garut,teras we di KAPOLSEK kadungora dugi ka
ayena
Pewawancara :
Upami di dieu bapakatos sabaraha taun ?
Narasumber
: Ti taun 1997 janteu kirang lebih atos 18 taun
Pewawancara :
Upami enak na enaekeun didieu atanapi nu tipayun
Narasumber : Nu ayena atuh .
Pewawancara :
naha pak ?
Narasumber
: kumargi didieu mah caket sareng keluarga
Pewawancara :
Bapak upami tuang sabaraha menit ?
Narasumber
: kirang langkung 15 menit
Pewawancara :
Upami bapak hoby na naon ?
Narasumber
: Olahraga
Pewawancara :
kumaha masa-masa remaja bapak ?
Narasumber : alhamdulilah seer kasih sayang na ti
sadayana
Pewawancara
: Naon pangalaman anu moal tiasa
dihilapkeun basa nuju di seleksi janten polisi ?
Narasumber : basa
tipayun teh kan sok aya catatan kesehatan ,tah tapi ari catatan anu bapak mah
te ka tuliskeun ,janten bapak yeh rewas.
Pewawancara : naha bapak tiasa kitu ?
Narasumber :
muhun da basa tipayun mah ngetik na oge ku mesin ketik kan ayena mah tekonologi
na oge atos canggih teu siga basa keur tipayun mah da jaman bareto disebat na
oge.
Pewawancara : naha bapak tisa janteun polisi ?
Narasumber :
muhun eta mah aya usaha ti nyalira sareng aya rido na ti allah swt. Upami teu
kitu mah moal ge ka tampi sanajan gaduh artos nu seer oge
Pewawancara
: naon anu bade di dugikeun ku bapak ka generasi anu ayena ?
Narasumber
: anu pokok na mah di ajar heula sing
bener kudu ngabanggakeun kolot anu atos ngurus ti baheula
Pewawancara
: hatur nuhun ka bapak anu atos ngajawab pertarosan ti abdi sareng
rerencangan,moga janteun manfaat kangge abdi sareng rerencangan.
Narasumber
: amin sok ku bapak dido’a keun sing
kacapei cita-cita na
Sadayana : aminnn
Tidak ada komentar:
Posting Komentar